Lompat ke isi

Fisi nuklir

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Hiji kajadian fisi nuklir. Hiji neutron anu bagerak laun diserep ku inti atom uranium-235 atom, anu tungtungna paburincay jadi unsur-unsur nu leuwih hampang nu bagerak gancang (hasil-hasil fisi) sarta ngabébaskeun neutron-neutron.

Dina fisika, fisi nuklir nyaéta hiji prosés di mana inti atom beulah alatan ditubruk ku atom séjénna, sarta ngahasilkeun énergi jeung atom-atom anyar anu boga massa leuwih leutik.

Réaksi-réaksi fisi anu kacia dipikawanoh

Hasil tina réaksi fisi uranium, rupa-rupa, ngahasilkeun atom-atom anu boga massa leuwih leutik, kawas: Ba, Kr, Zr, Te, Sr, Cs, I, La sarta Xe, kalayan massa atom masing-masing kira-kira 95 jeung 135. Sedengkeun, hasil tina réaksi fisi plutonium, miboga massa atom kira-kira 100 jeung 135.

Rata-rata réaksi fisi dina Uranium-235 (U-235) jeung Plutonium-239 (Pu-239) anu dilantarankeun ku neutron.

neutron + U-235 -> (atom-atom anu leuwih leutik) + 2.52 neutron + 180 Mev neutron + Pu-239 -> (atom-atom anu leuwih leutik) + 2.95 neutron + 200 Mev

Sawatara conto:

n + U-235 -> Ba-144 + Kr-90 + 2n + 179.6 Mev
n + U-235 -> Ba-141 + Kr-92 + 3n + 173.3 Mev
n + U-235 -> Zr-94 + Te-139 + 3n + 172.9 Mev
n + U-235 -> Zr-94 + La-139 + 3n + 199.3 Mev

Tempo ogé

Tumbu ka luar