Lompat ke isi

Gottfried Wilhelm Leibniz

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Gottfried Wilhelm Leibniz

Gottfried Wilhelm Leibniz nyaéta saurang filsuf jeung matématikawan Jerman.[1] Anjeunna dianggap minangka salah saurang filsuf anu boga pangaruh gedé dina abad ka-17 jeung ka-18.[1] Dina umur 15 taun, Wilhelm geus ditarima di Universitas Leipitz dina widang hukum.[1] Tapi, dian dua taun mimiti di éta universitas, Wilhelm leuwih loba neuleuman kana widang falsafah jeung sabada éta, anjeunna ngulik matématika.[1]

Ahirna, dina taun 1666 nalika anjeunna umur 20 taun, Wilhelm geus hasil meunang gelar doctor dina widang hukum.[1] Dina umur anu pohara ngora kitu, anjeunna geus ngahasilkeun réa karya tulis.[1] Karya Wilhelm anu kawentar di antarana anu judulna On Natural Law.[1] Kontribusina kana subyék anu pohara legana sumebar dina réa jurnal jeung puluhan rébu surat jeung naskah manuskrip anu can sakumna dipedalkeun.[1] Nepi ka kiwari, can aya édisi lengkep ngeunaan tulisan-tulisan Wilhelm Leibinz.[1]

Taun 1679, Leibinz mimiti ngawanohkeun system wilangan dumasar dua (binér).[2] (1646 – 1716) Awalna tina koréspondénsi jeung Pere Joechm Bouvet, saurang Jesuit jeung misionaris di Cina[2]. Ngaliwatan Bouvet, Leibinz diajar I Ching (geus aya 5000 taun SM), Héksagram anu patali jeung sistem wilangan dumasar dua.[2] Yin jeung Yang dina héksagram anu dilambangkeun garis pegat jeung garis lempeng digantikeun ku angka 0 jeung angka 1.[2] Hasilna héksagram dikonvérsi jadi wilangan binér. Sistem wilangan ieu pisan anu bakal jadi fondasi révolusi komputer.[2]

Sumber

  1. a b c d e f g h i (id)1646 Gottfried Wilhelm Leibniz Lahir (diakses tanggal 12 November 2011)
  2. a b c d e (id)Pakar yang menguasai banyak bidang ilmu Gottfried Wilhelm Leibniz Archived 2011-11-13 di Wayback Machine (diakses tanggal 12 November 2011)