Lompat ke isi

Lamiaceae

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Mint Family
(Lamiaceae)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Lamiaceae

Lamiacéae, asalna disebut Labiatae nyaéta kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1][2] Kulawarga ieu sok dipikawanoh salaku kulawrga tutuwuhan mint, nu diwangun ku 236 genus jeung leuwih ti 7.000 spésiés.[2] Kulawarga ieu mangrupa nu pangbadagna tina ordo Lamiales.[2] Sabagian gedé tina Lamiacéae mangrupa tatangkalan atawa semak , umumna mangrupa tutuwuhan aromatik, jujukutan, batang segi opat, jeung kembangan vertikal.[2][3] Lamiacéae sumebar hampir sakuliah dunya.[2] Utamana tutuwuhan ieu kacatet aya dina pasakeun sakuliah dunya, jeung salaku tutuwuhan hérbal kulinér nu lumayan penting.[3]

Referensi

  1. (en)Lamiaceae Archived 2017-09-05 di Wayback Machine (diakses 8 Maret 2016)
  2. a b c d e (en)Lamiaceae plant (diakses 8 Maret 2016)
  3. a b (en)Mints(diakses 9 maret 2016)