Lompat ke isi

Monténégro

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Montenegro)
Artikel ieu ngeunaan hiji nagara di Éropa. Tempo ogé Monténégro, Brasil atawa Monténégro, Kolombia.
Република Црна Гора
Republika Crna Gora
Bandéra Monténégro Lambang Monténégro
Lagu
Oj, svijetla majska zoro
Location of Monténégro
Location of Monténégro
Monténégro dina Éropa
Ibu kotaPodgorica1
Basa resmi Sérbia
Grup étnis  Monténégro: 43%
Sérbia: 32%
Bosniak: 8%
Albania: 5%
Lainnya: 12%
Pamaréntah Républik
 -  Présidén Milo Đukanović
 -  Perdana Menteri Zdravko Krivokapić
Kamerdékaan2
 -  Dipiboga 1356 
 -  Ngahiji jeung Sérbia 20 Juli 1917 
 -  Misah 3 Juni 2006 
 -  Diakuan 8 Juni 2006 
Aréa
 -  Total 13.812 km² (-)
 mil² 
 -  Cai (%)
Populasi
 -  Perkiraan  2003 616.258 (-)
 -  Sénsus -
 -  Kapadetan 48,7 /km² (-)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$629 miliar (17)
 -  Per kapita 30,084 (23)
Mata uang Euro (EUR)
Zona wanci CET (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST (UTC+2)
TLD Internét .yu3
1. Urut ibu kota karajaan: Cetinje.
2. Ngan diakuan ku sababaraha nagara leutik di dunya.
3. Masih dianggo. .cs disiapkeun.

Républik Monténégro (basa Sérbia/basa Monténégro: Црна Гора / Crna Gora, dilafalkeun /'t͡sr̩naː 'ɡɔra/, hartina "gunung hideung") mangrupa hiji nagara nu aya di Éropa Kidul. Pasna aya di nagara Balkan jeung tepung wates sareng Laut Adriatik di kidul, Kroasia di kulon, Bosnia jeung Hérzégovina jeung Sérbia di kalér, jeung Albania di kidul. Salaku ibu kota nagara nyaéta Podgorica.

Dumasar kana konstitusina, nagara ieu mangrupa nagara démokratik, sosial, jeung ékologikal. Teu ngawengku nagara mikro, nagara ieu mangrupa nagara nu paling saeutik jumlah padumukna kaopat di Éropa. Nagara ieu mangrupa nagara Slavik pangleutikna di Dunya.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina sababaraha abad, Monténégro mangrupa hiji prinsipalitas merdéka de facto nu diatur ku hiji pangawasa jeung dinasti héréditér. Nagara ieu miboga pangakuan internasional de jure ngeunaan kamerdékaanna, sanggeus Krisis Wétan (1875-1878), di Kongrés Berlin. Dina 28 Agustus 1910, pangawasa Monténégro Pangéran Nikola Petrović Njegoš ngadéklarasikeun warugana minangka Raja. Hiji nagara merdéka ti Jaman Patengahan nepi ka taun 1918, nagara ieu teras jadi bagian ti nagara Yugoslavia jeung kagabung kana téritori Sérbia jeung Monténégro. Antara 1945 jeung 1992, Monténégro mangrupa bagian ti Républik Féderal Sosialis Yugoslavia. Ti 1992 nepi ka 2003, Monténégro ngagabung jeung Serbia ngawangun Républik Féderal Yugoslavia. Dina taun 2003 Républik Féderal Yugoslavia teras dirobah janten hubungan antara Sérbia jeung Monténégro leuwih kapisah sarta ngaranna robah jadi Sérbia jeung Monténégro.

Sérbia jeung Monténégro aya ti 2003 nepi ka 2006 basa Monténégro mutuskeun pikeun misah liwat hiji réferéndum. Ku hiji réferéndum nu dilaksanakeun dina 21 Méi 2006, Monténégro ngadéklarasikeun kamerdékaanna dina 3 Juni 2006.

Réferéndum Monténégro

[édit | édit sumber]

Cenah para panolak kamerdékaan, Monténégro salaku bagian ti Uni jeung Sérbia bakal boga kamungkinan nu leuwih gedé minanghka anggota Uni Éropa, tinimbang sosorangan. Uni Éropa teu miharep Monténégro merdéka. Ku kituna diwangun Uni Sérbia Monténégro. Tapi Perdana Menteri Monténégro, Milo Djukanovic, ngan nyatujuan Uni éta, upami masarakat, liwat réferéndum, dipasihan kasempetan nyorakeun pamikiran ngeunaan Monténégro merdéka.

samentara, Présidén Sérbia jeung Monténégro, Vojislav Kostunica jeung Perdana Menteri Sérbia, Zoran Djinjic hayang sangkan féderasi tetep ditahankeun, tapi sadia masihan hak otonomi luas ka Monténégro.

Maret 2006, Parlemén Monténégro, kalawan sora pinuh ngadukung usulan pikeun ngayakeun réferéndum ngeunaan kamerdékaan ti Sérbia, dina 21 Méi 2006.

Uni Éropa ahirnya nuntut sangkan minimal saparo ti pamilih kedah méré sora. Salian ti éta, Brussel ngan ngakuan kamerdékaan Monténégro, upami didukung ku minimal 55% pamilih.

Dumasar kana pangumpulan sora indepénden panungtungna nu diumumkeun Novémber 2006, 43 persén ti wargi Monténégro hayang kamerdékaan, 31 persén teu ngadukung, jeung sésana, 24 persén, teu mutuskeun. Pamaréntah Monténégro nyebutkeun, usaha pikeun miboga kamerdékaan éta dimotivasi ku kahayang pikeun heunteun didominasi ku Sérbia, nu jumlah padumukna leuwih ti dalapan yuta urang.

Dina 22 Méi 2006, Présidén Komisi Réferéndum Frantisek Lipka ngabéwarakeun hasil pangétangan sora samentara réferéndum, di mana 55,4 persén rahayat Monténégro nu partisipasi dina réferéndum ngahayangkeun Monténégro merdéka atawa misah ti Sérbia. 44,6 persén milih nolak ide kamerdékaan éta.

Ti 485.000 pamilih nu kadaptar, kira-kira 86,3 persén ngagunakeun hakna éta. Dumasar kana katangtuan ti Uni Éropa, hasil réferéndum disebut sah lamun salah sahiji pihak minimal miboga 55% sora.

Perdana Menteri Monténégro, Milo Djukanovic, ogé geus mroklamasikeun kameunangan blok prokamerdékaan sanajan can aya nyanyataan resmi ti komisi nu ngurus réferéndum. Pupuhu Komisi Luar Nagri UÉ, Javier Solana, nyabut sacara alus hasil samentara réferéndum Monténégro jeung jangji bakal ngaprésiasi hasil ahir sakabéh pangétangan sora.

Pasca réferéndum

[édit | édit sumber]

Dina 28 Juni 2006, Monténégro minangka anggota ka-192 PBB.[1] Pamilihan umum kahiji, hiji pamilu parlemén nu dilaksanakeun dina 10 Séptémber 2006 ngahasilkeun koalisi nu diwangun Perdana Menteri Milo Đukanović, Koalisi Monténégro Éropa salaku nu meunang.

Géografi

[édit | édit sumber]

Sacara internasional, Républik Monténégro tepung wates jeung Kroasia, Bosnia jeung Hérzégovina (Républik Srpska), jeung Albania. Dina Kahijian Nagara Sérbia jeung Monténégro, Républik Monténégro tepung wates jeung Sérbia (kaasup propinsi kidul Sérbia, Kosovo jeung Metohia).

Kota utama Monténégro nyaéta: ibu kota Podgorica (139.000 jiwa), Nikšić (61.700), Pljevlja (18.800), jeung Bijelo Polje (17.100). Urut ibu kota karajaan nyaéta Cetinje.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. http://www.un.org/Overview/growth.htm Archived 2016-01-17 di Wayback Machine List of members to the United Nations by joining date

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]