Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
31 Oktober nyaéta poé ka-304 dina sataun (ka-305 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 61 poé.
- 932 – Khalifah Abbasiyah, al-Muqtadir perlaya nalika perang ngalawan pasukan Jenderal Mu'nis al-Muzaffar. Tuluy digantikeun ku dulurna, al-Qohir.
- 1587 – Perpustakaan Universitas Leiden dibuka pikeun umum saprak diwangun ti taun 1575..
- 1918 – Révolusi Aster dina Perang Dunia I, ngabatalkeun Kompromi Austro-Hongaria 1867 sarta Hongaria narima kakawasaan mandiri.
- 1922 – Benito Mussolini jadi perdana menteri Itali.
- 1940 – Patempuran Britania lekasan, Inggris Raya nyegah sagala kamungkinan serangan Jérman.
- 1941 – Sanggeus dipigawé salila 14 taun, Mount Rushmore National Memorial (pahatan opat pameunteu présidén Amérika) antukna réngsé.
- 1956 – Dina Krisis Suéz, Inggris jeung Perancis mimiti ngaboman Mesir sangkan muka Terusan Suéz.
- 1973 – Tilu tahanan IRA kabur ti panjara Mountjoy di Dublin kucara ngabajak helikoptér.
- 1996 – Pasawat Fokker 100 pangapungan doméstik ragrag di Sao Paolo, Brazil, 99 maot.
- 1999 – Jesse Martin mulang ka Melbourne sabada sawelas bulan naék parahu yatch ngulilingan dunya, nyorangan, teu reureuh sarta euweuh nu mantuan.
- 1999 – Boeing 767-300ER nu EgyptAir ragrag di Samudra Atlantik deukeut Nantucket, kabéh 217 panumpangna maraot.
- 2000 – Boeing 747-412 Singapore Airlines murag sautasna leupas landas ti Taipei, korban 83 jalma.
- 2003 – Mahathir Mohamad digantikeunn ku Abdullah Ahmad Badawi sabada jadi perdana menteri salila 22 taun.
- 2011 – Populasi jalma di dunya nepi ka tujuh miliarna. Poé ieu katelah ku PBB minangka Poé Tujuh Miliar.
- 2015 – Airbus A321-231 Metrojet nu Rusia ngabeledug di wétanen Bojong Sinai, nelasan 224 panumpang jeung kru. Numutkeun pamaluruh Rusia kamungkinan gedé dialatankeun ku bom di sajeroeun kapal.
- 2017 – Hiji treuk nabrakkeun manéh ka kumpulan jalma di Manhattan Lebak, New York, dalapan palastra. Palakuna diangkeuh aya patula patalina jeung ISIS.
- 1875 – Vallabhbhai Patel, pajoang India (td. 1950)
- 1887 – Chiang Kai Shek, présidén Taiwan munggaran (td. 1975)
- 1936 – Michael Landon, aktor Amérika (td. 1991)
- 1945 – Brian Doyle-Murray, aktor Amérika
- 1947 – Herman Van Rompuy, PM Bélgia ka-66
- 1960 – Reza Pahlavi, pangéran Iran
- 1961 – Peter Jackson, aktor Selandia Baru
- 1961 – Larry Mullen, Jr., pamaén dram U2
- 1963 – Dermot Mulroney, aktor Amérika
- 1963 – Rob Schneider, aktor jeung komedian Amérika
- 1963 – Dunga, pamaén bola jeung manajer Brasil
- 1964 – Colm Ó Cíosóig, panabeuh dram My Bloody Valentine
- 1964 – Marco van Basten, pamaén bola Walanda
- 1965 – Denis Irwin, pamaén bola Irlandia
- 1970 – Linn Berggren, vokal Ace of Base
- 1971 – Ian Walker, kiper Inggris
- 1974 – Muzzy Izzet, pamaén bola Turki
- 1976 – Guti, pamaén bola Spanyol
- 1976 – Piper Perabo, artis Amérika
- 1997 – Marcus Rashford, pamaén bola Inggris
- 1997 – Holly Taylor, artis Amérika kalahiran Kanada
- 1997 – Danielle Rose Russell, artis Amérika
- 2000 – Willow Smith, panyanyi Amérika
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|