Lompat ke isi

Cakung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cakung

Cakung atawa katak pohon (Polypedates macrotis) nyaéta bangkong leutik anu hirup dina tatangkalan ilaharna kelirna héjo tapi aya ogé anu coklat.[1] Dampal sukuna mibanda bagéan anu bisa naplok kana tangkal nu matak cakung bisa luluncatan dina dahan atawa dangdaunan kalawan henteu tisolédat atawa ragrag.[1] Gerakanana lincah ogé luncatna jauh malahan sok disangka hiber, bisa ngarayap dina daun jeung dahan anu leuleus kalayan gampil, cakung gampil pisan nyumput tur henteu katembong ku musuhna.[2] Cakung bisa lolondokan (kamuflase) nyaluyukeun kelir awakna jeung kaayaan disabudeureunana.[2]


Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
  1. Ramo-ramo dina suku anu tukang mibanda selaput/membran mangpaatna pikeun mantuan ngalayang di luhur mangsa keur luncat pindah tempat.[3]
  2. Pangawakan katémbong leuwih begang jeung panjang, kulitna lemes tur leucir[3]
  3. Suku anu tukang leuwih panjang tur kuat ti batan anu hareupna.[3]
  4. Hirupna nokturnal, mimiti liar mangsa geus datang peuting, nyiar hakaneun ngandelkeun panénjona anu seukeut.[2]
  5. Cakung mah tara nginum, kabutuhan cai kacukupan tina kulit tonggongna.[2]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Shadily, M.A, Hassan (1973). Ensiklopedi Umum. Jakarta: Kanisius. ISBN 9789794135228. 
  2. a b c d Gui, Sema (2007). Hewan Yang Hidup di Darat. Jakarta: Yudhistira Ghalia Indonesia. ISBN 9789790190214. 
  3. a b c Sari, S.Si., Mayang (2011). 500++ Fakta Paling Wow di Dunia. Jakarta: Cmedia. ISBN 9786028596282. 



Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan