Lompat ke isi

Wacana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Wacana nyaéta wangunnan basa pangjembarna anu disusun tina runtuyan kalimah-kalimah anu sambung-sinambung (kontinuitas), tatali unsurna ngéntép seureuh (kohésif), tur tatali hartina dalit (kohérén) luyu jeung kontéks situasi.[1] Ku kituna, wacana mangrupa rékaman tina peristiwa komunikasi, dina médium lisan atawa tulis, kajadianana langsung atawa teu langsung, boh sipatna nyorangan (transaksional) boh patali marga (interaksional).[1] Wujudiahna bisa mangrupa paragraf atawa karangan anu lengkep (buku, novel, carita pondok, artikel, atawa puisi) [1] Wacana atawa bab nyaéta wangun basa mangrupa gabungan tina sababaraha alinéa.[2]

Rupa-rupa Wacana

[édit | édit sumber]
Wacana dina basa Inggris
  • Wacana Alesan, eusina ngajéntrékeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat nepi ka jalma lian percaya jeung kahudang pikeun milampah hiji pagawéan.[1] Ari alesan-alesan atawa argumén-arguménna disusun kana fakta.[1] Eusina ngawawarkeun perkara nu manjing akal (logis) nepi ka nu lian enya-enya percayana.[1]
  • Wacana Candraan, eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, jeung pangambeu) minangka hasil pangalaman.[1] Hiji obyék digambarkeun sajéntré-jéntréna dumasar kana runtuyan tempat atawa runtuyan waktu.[1] Candraan téh ibarat potrét, nyaéta ngarékam sakur nu kahontal ku pancaindra.[1]
  • Wacana Lisan, anu dipidangkeun maké basa lisan. Pikeun narima jeung nyangkem wacana lisan, pamiarsa kudu ngaregepkeun omongan panyatur kalawan daria.[1]
  • Wacana ugeran, wacana sastra anu disusun dina basa ugeran, ilaharna kauger ku guru lagu, guru wilangan, jeung purwakanti.[1] Contona: Jangjawokan, sisindiran, guguritan, pupujian, jeung sajak.[1]
  • Wacana Pérsuasif, wacana arguméntasi anu tujuanana pikeun mangaruhan jalma lian sangkan milampah hiji perkara saperti biantara kampanyeu, iklan, jeung hutbah.[1]
  • Wacana langsung, anu nuduhkeun omongan langsung panyaturna, ilaharna mangrupa omongan anu diwatesanan ku lentong atawa pungtuasi.[1]




Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Élmuning Basa Sunda. Bandung: Karya Iptek.
  2. Faturohman, Taufik. 1982. Tatabasa Sunda. Bandung: Djatnika.