Lompat ke isi

Wikipedia:Kuncén/Pamundut jadi kuncén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kabeh pamaké aktif Wikipédia nu nyaho kawijakan jeung aturan nu aya di Wikipédia, sarta dipercaya ku komunitas bisa mundut jadi kuncén.

Saratna mah kasapukan umum baé heula, najan henteu formal. Nu ngajukeun diri jadi kuncén, kedah tos kabuktian sumbanganana ka Wikipédia Sunda: didukung ku warga Wikipédia Sunda.

Carana[édit sumber]

  • Tulis ngaran anjeun di bagian Pamundut, dihandapeun ieu.
  • Kuncén saterusna baris mindahkeun ka kaca pemungutan sora.
  • Mimiti pemungutan sora.
  • Catetan: Pamaké anu katempona memang henteu meujeuhna jadi pangurus kawas kakara ngagabung, asal-asalan jsb moal dituluykeun ka prosés pemungutan sora sarta baris langsung ditampik.

Pamundut[édit sumber]

Tulis ngaran anjeun di dieu.

kang Kandar jadi Birokrat, 7 Méi 2007[édit sumber]

  1. Satuju, --° kang iwan ° 16:03, 7 Méi 2007 (UTC)
  2. Satuju pisan --Tedi 00:27, 8 Méi 2007 (UTC)
  3. Satuju, --IvanLanin 11:32, 8 Méi 2007 (UTC)
  4. Satuju, Meursault2004 11:42, 8 Méi 2007 (UTC)
  5. Satuju, --Ricky setiawan 13:34, 9 Méi 2007 (UTC)
  6. Satuju, --Nein 16:00, 9 Méi 2007 (UTC)
  7. Satuju (Agree), --Borgx 00:05, 10 Méi 2007 (UTC)

Parantos saminggu ieu pamundut tiasa di cumponan. manga kang Kandar antosan ti meta kanggo parobahan janten Birokrat. --° kang iwan ° 14:08, 14 Méi 2007 (UTC)

Cikeneh ngajukeun... Susuganan di-asese... --kandar 09:10, 15 Méi 2007 (UTC)

Kang Tedi kanggo Kuncén[édit sumber]

Kuring ngajukeun Kang Tedi pikeun jadi kuncen di Wikipedia Sunda, supados langkung rempeg. Sumbangan anjeunna ka ogé kamahéranana (kompetensi) dina ngokolakeun Wikipedia tos teu kedah dicaturkeun deui, --kandar 01:22, 17 Juli 2007 (UTC)

  1. Satuju --kandar 01:22, 17 Juli 2007 (UTC)
  2. Satuju --° kang iwan ° 22:11, 17 Juli 2007 (UTC)

Tos janten kuncén ti ping 24 Juli 2007 22:42.

Kang Budhi kanggo janten Kuncén[édit sumber]

Simkuring ngusulkeun Kang Budhi kangge janten kuncen di Wikipedia Sunda, supados langkung rempeg. Sumbangan anjeunna tos kacida seueurna, anjeunna oge tos lami di Wikipedia urang, katambih ku konsistensina dina nyerat di Wikipedia. Dina mangsa nu sanes tara hadir oge, Kang Budhi mah ngurunyung wae geuning. Janten, cocog pisan kanggo janten kuncen. Mangga ah dihaturanan moting --Tedi 16:24, 24 Désémber 2007 (UTC)

  1. Satuju --Tedi 16:24, 24 Désémber 2007 (UTC)
  2. Satuju --Hadiyana 14:11, 10 Januari 2008 (UTC)
  3. Satuju --° kang iwan ° 17:09, 11 Januari 2008 (UTC)
  4. Satuju. Punten telat, keur mah rada jarang ngalongok, nuju sering kaganggu internetna deuih. --kandar 03:37, 22 Januari 2008 (UTC)

Kang Budhi cikénéh diangkat jadi kuncén. Wilujeng makarya! --kandar 04:12, 22 Januari 2008 (UTC)

A2613 kanggo janten kuncén, 5 Januari 2016[édit sumber]

Simkuring hoyong terang, naon motivasi sadérék A2613 dugi ka ngajukeun hoyong janten kuncén. --ilhamkang (sawala) 7 Januari 2016 04.57 (UTC)[balesan]
Kang @Ilham.nurwansah:

{{@|ngaran}} </noinclude>, simkuring hoyong ngajukeun janten kuncén lantaran simkuring hoyong WBS janten énsiklopédi berkualitas, sanajan henteu janten kuncén ogé tiasa ngawujudkeunana. Simkuring ogé hoyong WBS kapayunna saé tur rapih, sarta ngagaduhan artikel anu berkualitas. Hatur nuhun. A2613 (sawala) 7 Januari 2016 06.47 (UTC)[balesan]

@Ilham.nurwansah:

{{@|ngaran}} </noinclude> nyimak heula kang--Dian Émbarsari (sawala) 1 Pébruari 2016 01.11 (UTC)[balesan]

Kang Ucup kanggo janten Kuncén[édit sumber]

Dumasar kana préstasi Kang Ucup anu tos némbongkeun dédikasi sareng kaparigelanana dina ngokolakeun Wikipédia Basa Sunda, ngalangkungan sayembara Wiki Sabanda, simkuring ngajengkeun Kang Ucup kanggo janten kuncén. Mugia janten panyumanget sareng tiasa ngabantos ngokolakeun Wikipédia Basa Sunda. --ilhamkang (sawala) 6 April 2016 02.15 (UTC)[balesan]

Ariandi Lie kanggo janten Kuncén[édit sumber]

Sim kuring ngajukeun diri kanggo janten Kuncén di Wikipédia Sunda. Sim kuring ayeuna janten Kuncén atanapi Pengurus di Wikipédia Basa Indonésia. Motivasi Kuring ngajukeun diri janten Kuncén, nyaéta ninggal sigana mah seeur kaca nu kedah di impor kanggo dilarapkeun dina Wikipédia Sunda oge seeur kaca nu butuh diawasan ku Kuncén utamana kaca nu kedah dihapus geuwat. Oge ngusulkeun pamakéan pakakas otomatis nu teu acan aya jeung uji coba pamakéan pakakas éta di Wikipédia Sunda. Sim kuring ogé sateuacanna ngajukeun pamakéan IABot kanggo Wikipédia Sunda ngaliwatan metawiki.

Susuganan di asese. Hatur nuhun. Ariandi Lie (sawala) 26 Juli 2023 16.17 (UTC)[balesan]

Satuju nandar (sawala) 13 Séptémber 2023 04.06 (UTC)[balesan]

Zulf kanggo Kuncén[édit sumber]

Sim kuring ngajukeun diri kanggo janten Kuncén di Wikipédia Sunda lantaran simkuring hoyong leuwih maju deui kapayuna samisal janten énsiklopédi berkualitas. masih seer citakan sarta modul anu acan di gaduhan jeung deui ogé sim kuring ningali kunćen anu atos aya teh jarang araktip. Mugia di-asese, Hatur nuhun sateuacana sareung hatur nuhun sadayana. 🌴Zulftalk 1 April 2024 08.10 (UTC)[balesan]

Ariandi Lie kanggo janten Kuncén 2[édit sumber]

Sim kuring sateuacanna kantos ngajukeun kanggo janten Kuncén di Wikipédia Sunda sareng saleresna tos kenging 1 sora ti kang Kandar alias Kumincir. (Tingali pamundut sim kuring sateuacanna).

Sim kuring ngajukeun deui pamundut ieu numutkeun saran ti salah saurang Steward di métawiki yén dimana pamundut sim kuring nu sateuacanna tos langkung ti 6 sasih teu aya waleran ti nu sanes salian ti kang Kandar salaku Birokrat Wikipédia Sunda. Kantos ngahubungan kang Kandar pribados ngaliwatan surélék nanging teu acan aya waleran.

Motivasi sim kuring ngajukeun janten kuncén masih sami sareng pamundut sim kuring sateuacanna, nyaéta ninggal seeur kaca nu kedah di impor kanggo dilarapkeun dina Wikipédia Sunda oge seeur kaca nu butuh diawasan ku Kuncén. Oge ngusulkeun pamakéan pakakas otomatis nu teu acan aya jeung uji coba pamakéan pakakas éta di Wikipédia Sunda (idin Interface administrator). Utamana deui seeur kuncèn nu aya ayeuna jarang aktip (ieu katingal dina kaca_log_kaaktipan_kuncén_ieu.

Sakitu pamundut ti sim kuring nu kadua kalina ieu. Mudah-mudahan tiasa di asese ku sadayana. Hatur nuhun. Ariandi Lie ngobrol didieu 27 Juni 2024 00.41 (UTC)[balesan]

Zulf kanggo janten Kuncén 2[édit sumber]

Sim kuring ngajukeun diri kanggo janten Kuncén di Wikipédia Sunda lantaran simkuring hoyong bebenah di diyeu téh kusabab ning teu atawa jarang kajamah ku kuncén. Malahan kuncén global anu osok bebenah téh. Leuwih saé lamun ku urang sunda asli nu ngajalankeuna sabab kadang basa sunda pan teu tiasa di tarjamahkan. Sim kuring ngajukeun deui pamundut ieu numutkeun saran ti salah saurang Steward di métawiki yén dimana pamundut sim kuring nu sateuacanna tos langkung ti 3 sasih teu aya waleran ti nu sanes. Kantos ngahubungan ka birokrat nyaéta kang Kandar pribados ngaliwatan surélék nanging teu acan aya waleran. sakitu waé paméntaan ti sim kurong nu kadua kalina, Mudah-mudahan tiasa di asese ku sadayana. Hatur nuhun. 🍃Zulf🍃talk 5 Juli 2024 14.16 (UTC)[balesan]

Pamundut ditampik[édit sumber]