Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
5 Désémber nyaéta poé ka-339 dina sataun (ka-340 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 26 poé.
- 1492 – Christopher Columbus jadi urang Éropa munggaran nu nincekkeun sukuna di Pulo Hispaniola (kiwari Haiti jeung Républik Dominika).
- 1757 – Perang Tujuh Taun: Patempuran Leuthen: Frederick II ti Prusia mingpin pasukan Prusia meunang mutlak ka pasukan Austria pingpinan Pangéran Charles Alexander ti Lorraine.
- 1865 – Perang Kapuloan Chincha: Péru ngabalad jeung Chili ngalawanan Spanyol.
- 1934 – Krisis Habasyah: Pasukan Itali nyerang Wal Wal di Habasyah, perlu opat poé pikeun ngarebut kota éta.
- 1941 – Perang Dunia II: Patempuran Moskow, Georgy Zhukov males nyerang bébéakan ka pasukan Jérman.
- 1945 – Perang Dunia II: Pangapungan 19, hiji skuadron nu diwangun ku lima kapal TBF Avengers, ngiles di Segitilu Barmuda, mangrupa salah sahiji misteri leungitna pasawat pangsohorna dina sajarah.
- 1952 – Great Smog / Kabut Raya: Kabut tiis lumungsur di London, nyampur jeung polusi hawa, nelasan saheunteuna 12.000 jalma dina minggu-minggu jeung bulan-bulan kahareupna.
- 1955 – E. D. Nixon jeung Rosa Parks mingpin Boykot Beus Montgomery di Alabama, Amérika Sarikat.
- 1964 – Lloyd J. Old manggihan kaitan munggaran antara major histocompatibility complex (MHC) jeung panyakit —leukeumia cucurut— naratas jalan pikeun nyukcruk pentingna MHC dina réspon sistém kawedukan.
- 1977 – Mesir mutuskeun hubungan diplomasi jeung Syria, Libya, Aljazair, Irak sarta Yaman Kidul, minangka waleran kana Déklarasi Tripoli ngalawan Mesir.
- 1995 – Perang Sodara Sri Langka: Pamaréntah Sri Langka ngabéwarakeun geus hasil nalukeun bénténg Tamil di Jafna.
- 2005 – Lini 6.8 Mw Dano Tanganyika ngeundeuk-ngeundeuk provinsi-provinsi wétan Républik Démokratik Kongo ku Inténsitas Mercalli maksimum X (Ékstrim), nelasan genep jalma.
- 2006 – Komodor Frank Bainimarama ngarebut pamaréntahan di Fiji.
- 2013 – Serangan milisi Anshar al-Syariah di kompléks Kamentrian Patahanan di Sana'a, Yaman, nelasan saheunteuna 56 jalma sarta nyideraan 200 séjénna..
- 2017 – Komite Olimpiade Internasional ngalarang Rusia pikeun ulubiung dina Olimpiade Usum Tiis 2018 alatan kasus doping di Olimpiade Usum Tiis 2014.
- 852 – Zhu Wen, kaésar Tionghoa nu ngadegkeun Dinasti Liang (td. 912)
- 1537 – Ashikaga Yoshiaki, shōgun Jepang (td. 1597)
- 1782 – Martin Van Buren, présiden ka-8 Amérika (d. 1862)
- 1901 – Walt Disney, animatur Amérika, nu ngadegkeun The Walt Disney Company (td. 1966)
- 1927 – Bhumibol Adulyadej, raja Thailand (td. 2016)
- 1962 – Ribut Waidi, pamaén bola Indonésia (td. 2012)
- 1978 – Marcelo Zalayeta, pamaén bola Uruguay
- 1989 – Kwon Yuri, tukang ngawih tur artis Koréa
- 1995 – Anthony Martial, pamaén bola Perancis
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|